Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2022

Lirik Lagu Lamunan - Yayan Jatnika

Lamunan - Yayan Jatnika Daun kalapa nu oyag katebak angin Siga gupayna, kawas gupayna nu lawas ilang Kasawang deui nembongan deui Asih munggaran nu teu kahontal  Dina lamunan Mun seg manehna kiwari aya gigireun Meureunan hate moal tagiwur dirungrung gandrung Atuh ka mana ? naha di mana ? Ukur ngolebat dina lamunan Dina lamunan Unggal tempat tos dipapay Manehna taya laratan Unggal beja nu katampa Dijugjug weleh teu aya Kembang-kembang katresna Nu kungsi nyambuang Ukur tinggal waasna Nyeungitan lamunan