Langsung ke konten utama

Lirik Lagu Doel Sumbang - Mojang jelekong

Mojang Bedegong Urang Jelekong
lamun hitut siga sora bangkong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
lamun kerek siga sora bangkong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
ti bau cikur icalan cintrong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
cita cita boga salaki garong
di alun alun panggih jeung si mehong
pangsiunan budak buraong
nu ayeuna jadi tukang bangkong
di modalan ku haji engkong
(urang cibintu tah haji engkong teh bah eon)
beuki deket beuki rakeut
siga keretas di rapet
henteu lila ti harita
urusan eujeung KUA
rumah tangga anyang-anyangan
loba pisan pacengkadan
loba piring tingkalayang
ka tatangga ngagandengan
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
teu bisa tumarima kana kaayaan mehong
anu penghasilan ngan saukur tina bangkong
hayang televisi ngan kabeli gambar toong
laki rabi awet rajet
recet siga anak ancet
rumah tangga paburantak
siga samangka katincak
siga biosko
rumah tangga bubaran
mojang bedegong ngaranda
si mehong jadi duda
mojang bedegong
beuki maceuh ngelmu bagong
dangdanan siga nu gelo
mejeng hayang meunag jodo!
lalakon hirup manusia
sok tara disangka sangka
jadi inget kana film
nu judulna Pretty Woman
mojang bedegong urang jelekong
aya anu mikanyaah
lalaki benghar jeung kasep
ceunah mah pajabat basah
nya nepi ka rumah tangga
make jeung awet sagala
tara kadenge pasea
romantis luar biasa
nujun atuh ari geus senang mah
nyai!
ulah bedegong deui we nya!
kuring mindeng pisan panggih
manehna jeung salakina
make mobil herang mewah
bari renceum ku berlian
sifat jelema jalanan
tara poho ku babaturan
malahan ku kuring pernah
maksa milu makan malam
keur dahar kuring tumaros
bari rada ngaharewos
"nyai, sanes kapungkur mah cita-cita
teh palay kagungan caroge ka garong
naha teu janten, robih pamadegan?"
ari tembalna teh
"ah henteu kang doel, justru abdi teh
ngemut
upami abdi nyiar caroge garong
tangtosna rada sesah
margi tangtosna age moal aya garong
anu wantun ngangken garong
atuh kaleresan abdi pendak sareng
pamegat kasep bari jabatanana basah
binga kabina bina abdi teh
da geuning carage abdi anu pajabat
basah teh
sagala rupina langkung ti garong!"
kuring teu bisa nyarita
da ceuk pikir kuring age memang
heuheuh!
duka atuh ah poek
urang duakeun we ku urang
mojang bedegong sing geura eling

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Lirik Lagu Almanar - Narkoba

Lirik Qasidah Modern Almanar - Narkoba kabar yang tak menyenangkan santapan harian mengundang tanya hati dan jawaban pasti suasana suram tak menentu Tuhan hanya pada Mu musuh paling kejam kemanusiaan sahabatnya kesetanan kawannya kebinatangan sejati * musuh paling kejam kemanusiaan sahabatnya kesetanan kawannya kebinatangan sejati oh pemusnah generasi tunas penerus bangsa masa-masa yang datang mengancam kedamaian oh pemusnah generasi (awasilah dia itu ya narkoba jangan mencoba sangat berbahaya) sepanjang masih ada usia dunia yang penuh rekayasa sepanjang masih ada usia dunia yang penuh rekayasa sepanjang itu pula saling jatuhkan tak akan pernah senang selama-lamanya semua ini sama hanya rekaan manusia anti kemapanan Kembali ke * musuh paling kejam kemanusiaan sahabatnya kesetanan kawannya kebinatangan sejati oh pemusnah generasi...

Lirik Lagu Doel Sumbang - Polisi Noban

Doel Sumbang - Polisi Noban P oe kemis keur maraban hayam pelung K uring nampa beja, n ini kuring gering parna di rajapolah K uring indit maksud rek ngalongok indit teh isuk-isuk ti bandung T i rajapolah balik teh rada peting bari panon geus rada cepel N epi ka bandung teh geus liwat tengah peting kota oge gues rada jempling S amemeh ka imah nyimpang heula ka tegal lega N gan nu dagang gues areweuh nu ayateh tinggal tenda tenda gongli D i tengah lapang tegal lega nu poek kawas di guha N ya akhirna kuring balik padahal panon geus teu kuat buncelik J alan hampir teu katenjo nenjo beca siga bemo B akat ku tunduh teu sadar kuring ngalenyap G as katincak satakerna mobil ngoloyong ka kenca A mpir naek kana trotoar K acida kuring rewasna rem ditincak satarikna N epi ngajerit sorana, ngajerit maratan langit kawas abg katincak buta E ta rewas oge ncan beak, ujug ujug torojol mobil kijang N anya sim jeng stnk bari peupeuleukeu nyarita, K u kuring geus di jelaskan kuri...

Lirik Lagu Degung Sunda Goresan Hate - Euis Farida

Goresan Hate - Euis Farida Goresan hate salawasna tanda tanya Naha aya keneh kadeudeuh kacinta Abdi nyaris kana jurang anu nista Jeritna hate pinuh ku karumaosan Hirup abdi teh pinuh ku noda jeung dosa Siganamah teu tiasa sasarengan deui Leuwih hade yu urang papisah wae Katampi karasa kanyaah salira Duh angin peuting pangnepikeun rasa kuring Akang ulah nya ngedalkeun rasa rindu Ngaran anjeun ngancik dina hate kuring Tong hanjakal ayeuna kantun waasna Topan tos reda hujan kantun lantisna Nalika nguping hariringna teungah peuting Daun hanjuang nu katebak angin peuting  Siga nu ngagupayan ka diri kuring