Ăh, Banondari anu dĂ©nok, anu montok
Matak moho, matak pogot
Nu geulis mani amis
Nu éndah matak kabita, duh, Geulis
Ngan hanjakal, Nyai teu kaopan
Gampil bendu mun kasinggung perasaan
Tutunjuk bari neuteuli, nyarios bari nyoroscos
CĂ©—cĂ©—cĂ©—cĂ©rĂ©wĂ©d lir manuk toĂ©d, noĂ©d
Najan kitu, diri Nyai tetep narik
Imutna matak kapincut, ilatna matak tibelat
Lambey ipis lir kuéh lapis, mun digégél tangtu amis
Aduh, tobat, Nyai
Aso lali wa owa éng
Aso, aso, aso lali wa owa éng
Aso lali wa owa éng
Aso, aso, aso lali wa owa éng
Engkang, sembaheun abdi Narpati nu gagah sakti
Engkang téh jago ngarayu, percéka mikat wanita
Teu perduli aya nu boga, Engkang
Di dunya taya duana pameget nu kawas engkang
Waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung
Purah ngudag—ngudag bikang, aduh, Engkang
Diraksukan ku henteu matut
Dilancingan ogé randutdut
Kumis cokrom, buuk gondrong
Lir barongsay keur ngadangong
Aduh, Engkang
Komentar